UnsilSter Blog

Info Handphone dan Makalah Terbaru

Contoh Cerita Legenda Sunda : Asal Muasal Cika-Cika

Jaman baheula – baheula ge baheula deui – aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pengeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.

Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.

Dina hiji poe indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rek ngawinkeun anakna awewe. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manehna kacida atoheunana, lantaran bakal make baju alus jeung make samping weuteuh, meunang ngabatik indungna. Tapi aya kasusahna, lantaran manehna teu bogaeun cucuk gelung.

Sapeupeuting, henteu boga cucuk geulung keur pakeeun isuk ka ondangan teh, jadi pikiran Nyi Marini. Manehna diuk hareupeun jandela, bari neuteup bentang-bentang nu tingkaretip di langit.

Di jero hatena manehna ngecewis, “mana teuing senangna mun aing boga bentang pikeun cucuk gelung” karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahyaan rag rag kana lahunanana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadenge ku manehna aya sora tan katingalan “Marini, ieu bentang nu dipakayang ku maneh pikeun cucuk geulung tea. Heug geura pake isuk kana pesta kawinan batur maneh, lantaran teu meunang budak rajin jeung hade ka indung. Tapi maneh teu meunang ngomong sombong. Mun maneh ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ie bentang baris leungit teu puguh-puguh”

Nyi Marini kacida atoheunana, dina hatena jangji, yen moal boga pikiran jeung ngomong sombong.

Isukna, Marini make cucuk geulung bentang tea. Manehnas katenjona geulis pisan sarta cahyaan. Kabeh nu aya di dinya ngarasa heran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku sarerea ti batan panganten. Babaturanana kabeh muji kageulisanana. Ku lantaran kitu, manehna mikir, “kacida senangna dipuji-puji ku babaturan, ngan aing sorangan anu panggeulisna lantaran make cucuk geulung bentang, “karek oge mikir kitu, cucuk geulung bentang teh ujug-ujug leungit”

“Ih Marini geuning leungit cucuk geulung maneh teh” ceuk salahsaurang baturna. Marini kageteun pisan, manehna kakara ingeteun yen manehna boga pikiran sombong. Pohara manehna hanjakaleunana.

Kabeh jelema nu aya dina eta pesta mangneangankeun cucuk geulung nu leungit tea, nepi ka pakean-pakeanana kalotor, tapi nu leungit weleh teu kapanggih. Ningal kitu, Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranehanana. Di jero hatena manehna jangji, nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.

“Ieu marini, cucuk geulung maneh tek kapanggih” ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini atoheunana. Tuluy manehna nyalukan batur-baturna. Ku manehna dicaritakeun asal usulna eta cucuk geulung bentang teh. Satuluyna manehna nyarita kieu, “Ayeuna kuring embung make cucuk geulung bentang sosoranganan, tapi rek dibagikeun ambeh dipake ku sarerea babarengan”

Sanggeus ngomong kitu, tuluy eta cucuk geulung bentang teh dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy eta reremukan teh haliber, jadi nu ayeuna disebut Cika-cika, cenah!

Contoh Carita Sunda : Asal Muasal Bulu Lutung Hideung

Jaman baheula sasatoan teh barisa ngomong kawas jelema biasa. Sakabeh sasatoan hirupna teh sauyunan jeung tara mumusuhan. Ari anu dianggap mush ku sasatoan teh ngan hiji, nyaeta paninggaran.

Hiji poe si kuda Sebra jeung si Lutung keur ngalobrol.

“Tung jigana mah ngan bulu urang bae anu teu rupa-rupa warnana teh, nya?” ceuk si kuda Sebra

“Enya nya, nga urang bae nu goreng bulu teh. Tenjo tuh si Merah mah, buluna mani rupa-rupa, “ tembal si Lutung.

“Tung, kumaha lamun bulu urang teh urang pulas bae ambeh rupa-rupa kawas batur!” ceuk si kuda Sebra.

“Hayu bae, ayeuna urang menta cetna heula ka patani, sugan bae bogaeun keneh, sesa eta patani ngecet saungna” tembal si Lutung.

Bral bae si Sebra jeung si Lutung arindit ka imahna patani, rek menta cek. Kabeneran di imah patani aya keneh cet, tapi kari cet hideung.

“bae lah cek hideung oge” ceuk si Sebra, nya dibikeun bae cet teh ku patani ka Si Sebra jeung si Lutung.

Kacaritakeun si Sebra jeung si Lutung sasadian rek mulas bulu maranehna.

“urang heula ah nu dipulasna” ceuk si Sebra, “Sok bae lah” tembal si Lutung bari prak mulas bulu si Sebra. Ari Warnana teh geus disatujuan ku duanana oge, nyaeta warna belang. Ku sabab bulu si sebra mah bodas, nya warna buluna teh jadi hideung  bodas, mani alus katenjona oge.

Sanggeus bulu si Sebra kabeh dipulasna, nya ayeuna bagean si Sebra mulas bulu si Lutung. Ku sabab cetna di handap, nya ku si Sebra teh rek dikatempat nu rada luhur, kakara ge cet teh rek dikaluhurkeun, na ari jeletit teh suku si Sebra digegel sireum. Bakat ku kaget, nepi ka cet teh ragrag ngabanjur si Lutung nu keur diuk handepan si Sebra. Nya atuh bulu si Lutung jadi hideung saawak-awak. Tah ti harita lutung teh warna hideung.